Sampurasun! Berikut ini contoh artikel bahasa Sunda singkat tentang kebersihan lingkungan tempat tinggal dan sekolah. Contoh artikel ini menggunakan dua tingkatan bahasa dengan judul yang berbeda. Artikel pertama “Mangpaat Miara Kabersihan Lingkungan” menggunakan bahasa Sunda loma. Sedangkan artikel kedua “Pangaruh Kabersihan Lingkungan Sakola Kana Sumanget Diajar” memakai bahasa Suda lemes halus. Mangpaat Miara Kabersihan Lingkungan Bahasa Sunda Loma Kabersihan lingkungan teh mangrupa tanggung jawab saréréa. Teu diiwal keur nu beunghar wungkul atawa nu sangsara wungkul. Kabéh jalma ngabogaan kawajiban pikeun ngajagana. Ngajaga kabersihan téh lain saukur di padumukan urang waé, tapi kaasup di sakola, di kantor, atawa di panyabaan. Cara miara kabersihan lain nyokotan runtah atawa sasapu wungkul. Miceun runtah kana wadah na atawa tundan teundeun kana tempatna ogé geus kaasup ngajaga. Komo lamun daék jeung nyokot runtah urut batur mah, leuwih hadé pisan. Ngan, lamun unggal jelema teu miceun runtah di mana baé, rék aya runtah ti mana? Ari lain kalakay mah. Lingkungan anu bararesih téh loba pisan mangpaatna pikeun urang. Mangpaat anu pangheulana karasa nya éta ngareunah katempona. Sajaba ti ngeunah tetempoan téh tangtu matak genah nyicinganana. Pipanyakiteun jeung balai ogé bakal jararauh. Patempatan anu bararesih moal matak sareuseuk kana panon. Dipaké tempat popotoan ogé bakal alus katinggalina. Sabalikna, lamun kotor mah boro-boro nyicingan, dalah nempo na ogé pikageuleuheun. Lingkungan anu beresih bakal mawa séhat kana pikiran jeung awak. Dina tempat bararesih mah moal loba laleur jeung reungit. Oray ogé moal daékeun kumalampreng. Atuh dimana datang hujan, moal aya runtah nu mendet kana kamalir. Pan éta téh geus ngajauhkeun urang tina karudet jeung kasakit. Coba lamun runtah nalambru, reungit jeung laleur bakal baretaheun. Sedengkeun apanan ari laleur jeung reungit téh mawa panyakit. Malah teu pamohalan tumpukan runtah atawa jalan anu barala dipaké panyumputan oray. Lamun datang hujan, runtah ogé bisa nyocokan kamalir antukna matak caah. Nu matak, urang kudu daék beberesih di imah, di buruan, di sakola jeung di tempat pagawéan. Nu penting mah deuih, ulah miceun runtah di mana baé. Lingkungan beresih, pikiran cageur, awak jagjag. Pangaruh Kabersihan Lingkungan Sakola kana Diajar Bahasa Sunda Lemes Upami ditinggal salangkung mah sapertos nu teu aya patalina antawis kabersihan lingkungan sakola sareng sumanget diajar. Padahal mah, saleresna éta téh pakuat pakait pisan. Ayeuna cobi bayangkeun geura, raos mana urang calik di kelas nu seueur runtah bari bangku acak-acakan atanapi di kelas anu raresik? Di buruan sakola anu rarujit sareng barala, boh ku jukut boh ku plastik tilas cangkang jajanan, urang moal betah ameng. Badé kagiatan ékstra kurikuler ogé alim da rarujit sareng gareuleuh. Lajeng deui upami di kelas seueur kebul, runtah nalambru, bangkuna acak-acakan, calik ogé moal tumaninah. Upami calikna wae tos teu raos, badé jongjon diajar kumaha? Tétéla atuh gening kaayaan lingkungan sakola téh mangaruhan kana sumanget diajar. Salaku siswa, urang kedah sasarengan nyiptakeun lingkungan sakola anu beresih sareng merenah supados betah sareng sumanget diajar. Upami diajarna sumanget, kana préstasina ogé ningkat. Kasempetan kanggo ngahontal cita-cita téh langkung ageung margi urangna berprestasi. Baca juga Contoh Karangan Bahasa Sunda tentang Kebersihan Demikinlah, semoga bermanfaat.
PidatoBahasa Sunda Apk Co Kumpulan; Contoh pidato báhasa sunda singkat téntang pendidikan kebersihan pérpisahan kesehatan lingkungan narkóba kemerdekaan pemuda ágama dll. Berikut adalah saIah satu contoh pidató bahasa sunda singkát pendek tentang kémerdekaan yang bisa dicóntoh dan dimodifikasi.
Sampurasun! Pada postingan ini saya akan berbagi contoh karangan bahasa Sunda tentang kebersihan lingkungan kampung lembur dan lingkungan sekolah sakola. Bentuk karangan tentang kebersihan di bawah ini menggunakan dua bentuk. Karangan pertama menggunakan bentuk deskripsi, yang kedua karangan persuasi. Karangan deskripsi yaitu karangan yang menggambarkan suatu hal secara jelas sehingga pembaca seolah dapat melihat, mendengar, atau merasakan sesuatu yang ditulis oleh pengarang. Sedangkan karangan persuasi berupa ajakan pengarang kepada pembaca untuk melakukan sesuatu. Dafar Isi1 Karangan Deskripsi Kabersihan Lingkungan Lembur Bahasa Sunda2 Karangan Persuasi Kabersihan Lingkungan Sakola Bahasa Sunda Karangan Deskripsi Kabersihan Lingkungan Lembur Bahasa Sunda Ti saprak diayakeun kagiatan Jumsih Jumaah beresih, kaayaan lingkungan di lembur kuring ayeuna bararesih matak pikabetaheun. Jalan-jalan lalening, heuleut sapuluh méter ngajajar wadah runtah anu dipulas ku cét konéng. Kakayon anu ngaroyom ka jalan geus beak dibukbak. Jukut-jukut béak dikoréd. Kalakay anu murag tina tangkal kai anu rajeg sapanjang jalan unggal soré disapukeun ku barudak. Méméh asup ka jero lembur aya gapura ditulisan “Wilujeng Sumping di Kampung Bersih”. Pakarangan warga dipalager ku awi tuluy dicét warna warni. Di satukangeun pager ngajajar pot anu dieusian ku rupa-rupa pepelakan sabangsaning cabé, tomat, bawang, salédri, jeung sajabana. Di juru pager ogé katempo aya dua wadah runtah, hiji keur wadah runtah organik, anu hiji deui keur wadah runtah anorganik. Sanajan buruanna masih kénéh taneuh, tapi bararesih teu katémbong aya runtah hiji-hiji acan. Pancuran curcor, caina hérang ngagenyas. Lauk emas beureum di balong patinggareboy, jaér patingsérépét, nilem anteng ngagereyem. Sakalieun aya semah tinu jauh mah moal euweuh sodorkeuneun da puguh geus sagala nyampak. Wargana hirup rukun sauyunan jauh tina pacéngkadan. Ceuk paribasa téa mah kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, tara pagiri-giri calik pagirang-girang tampian. Subur makmur loh jinawi, tata tengtrem kerta raharja téh lain ukur carita. Di lembur kuring mah eta teh nyata. Artinya Semenjak diadakan kegiatan Jumsih, keadaan lingkungan di kampungku sekarang sangat bersih bikin betah. Jalan-jalan bersih, selang sepuluh meter berjajar tempat sampah yang dicat warna kuning. Dahan-dahan kayu yang menghalangi jalan sudah habis ditebas. Rumput-rumput habis dibersihkan. Daun-daun kering yang jatuh dari pohon yang berdiri di sepanjang kiri kanan jalan setiap sore disapukan oleh anak-anak. Sebelum masuk ke dalam kampung ada gapura bertuliskan “Selamat Datang di Kampung Bersih”. Pekarangan rumah warga dipagar oleh bambu kemudian dicat warna-warni. Di belakang pagar berjajar pot yang diisi tanaman seperti cabai, tomat, bawang, seledri, dan sebagainya. Di sudut pagar juga terlihat ada dua tong sampah, satu untuk tempat sampah organik, yang satunya lagi untuk sampah anorganik. Meskipun halaman masih tanah, tetapi pada bersih tak terlihat ada sampai satu pun. Pancuran mengalir, airnya sangat bening. Ikan mas merah di kolam berlenggak-lenggok, mujair berlarian, nilem anteng makan. Sekalinya ada tamu jauh tidak akan susah menyediakan sajian karena segalanya sudah tersedia. Warganya hidup rukun jauh dari pertengkaran. Menurut paribasa, artinya rukun damai saling antar keinginan dan tidak pernah berselisih paham. Subur makmur hidup tentram. Di kampungku itu nyata. Karangan Persuasi Kabersihan Lingkungan Sakola Bahasa Sunda Kabersihan di lingkungan sakola téh kudu dijaga ku sakumna warga sakola. Anu kudu tanggung jawab kana kabersihan teh lain bujang sakola waé, tapi murid-murid ogé kudu milu ngajagana. Dina pada kedulna teu daék bébérésna ogé, sahenteuna ulah miceun runtah ka mana waé. Ku akal ogé tangtu kaharti pisan, rék aya runtah ti mana lamun euweuh nu ngabala? Kajaba runtah alam kawas kalakay atawa jukut. Lingkungan sakola anu beresih jeung rapih téh bisa mawa betah kana diajar jeung jauh tina pipanyakiteun. Katempona ku batur anu ngaliwat ogé bakal hadé. Béda jeung lamun runtah pabalatak di mana-mana atawa bangku acak-acakan, tangtu katemponana kumuh. Nu nempo téh bakal meunteun warga sakola jorok atawa teu berséka. Salaku jalma anu kaitung nyakola tangtuna ogé urang moal daék disebut jorok atawa teu berséka. Justru anu nyakola mah kudu jadi lulugu dina sagala widang kahadéan, kaasup ngajaga kabersihan. Dina ngajaga kabersihan téh kudu jorojoy tina haté sewang-sewangan. Ulah boga rasa kapaksa pédah dititah ku guru atawa ditungguan ku kaamanan kelas. Tadi geus disebutkeun, carana ngajaga kabersihan lingkungan sakola téh salah sahijina teu mican runtah sambarangan. Di sakola geus sadia wadah runtah, bakal kayungyun lamun sakabéh warga sakola miceun runtahna merenah kana tempatna. Bakal leuwih kayungyun deui lamun daék nyokot nyokot runtah anu ngagoler di mana wae tuluy diasupkeun kana wadahna. Ngajaga kabersihan lingkungan sakola anu sakitu legana pamohalan bisa ku sorangan, tapi kudu gotong royong sararéa. Urang perlu silih ingetan supaya runtah urut jajan teu dipiceun ka mana lungna. Karakter jalma nu nyicingan sakola bisa dicirikeun tina kaayaan lingkungannana. Alus jeung gorengna pameunteun batur ka urang kumaha tapak gawé urang sorangan. Urang kari milih, rek nyontoan hadé atawa nembongkeun gogoréngna? Artinya Kebersihan di lingkungan sekolah harus dijaga oleh semua warga sekolah. Yang harus bertanggungjawab pada kebersihan bukan hanya penjaga sekolah, tetapi murid-murid pun harus ikut menjaganya. Semalas-malasnya, minimal tidak membuang sampah sembarangan. Dengan akal juga dapat dimengerti, mau ada sampah dari mana jika tidak ada yang membuangnya? Kecuali sampah alam seperti daun-daun kering atau rumput. Lingkungan sekolah yang bersih dan rapi itu bisa membawa pada suasana belajar yang betah dan jauh dari penyakit. Kelihatan oleh orang lain yang lewat pun akan bagus. Beda dengan jika sampah berserakan di mana-mana atau bangku acak-acakan, tentu kelihatannya kumuh. Yang melihat bakal menilai warga sekolah jorok. Selaku manusia yang berpendidikan tentunya kita tidak mau dibilang jorok. Justru orang berpendidikan harus menjadi pelopor dalam segala bidang kebaikan, termasuk menjaga kebersihan. Dalam menjaga kebersihan itu harus timbul dari kesadaran hati masing-masing. Jangan merasa terpaksa karena disuruh guru atau karena ditungguin keamanan kelas. Tadi sudah disebutkan, cara menjaga kebersihan lingkungan sekolah itu salah satunya tidak membuang sampah sembarangan. Di sekolah sudah tersedia tong sampah, akan baik kelihatannya jika semua warga sekolah membuang sampah pada tempatnya. Akan lebih lucu lagi jika mau memungut sampah yang tergeletak lalu disimpan ke tempatnya. Menjaga kebersihan lingkungan sekolah yang cukup luas tidak mungkin bisa dilakukan sendiri, tetapi harus gotong royong semuanya. Kita perlu saling mengingatkan supaya sampah bekas jajanan tidak dibuang ke mana saja. Karakter orang yang mendiami sekolah bisa dilihat dari keadaan lingkungannya. Baik dan buruknya penilaian orang pada kita tergantung pada hasil kerja kita. Kita tinggal memilih, mau memberi contoh baik atau memperlihatkan keburukan kita? Baca juga Contoh Karangan Narasi Singkat Bahasa Sunda tentang Liburan Demikianlah, semoga bermanfaat.
SoalPAT / UKK Kelas V Semester 2 Kurikulum 2013 Tahun 2021 Mata Pelajaran Bahasa Sunda. Untuk lebih lengkap dan jelasnya mengenai soal tersebut dapat Bapak dan Ibu unduh pada link dibawah ini : Soal PAT UKK Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2 DOWNLOAD DISINI. Note gunakan PW
Artikel bahasa sunda singkat tentang kebersihan lingkungan ini bisa di jadikan sebagai contoh atrikel bagi kalian yang sedang mencari reperensi artikel bahasa sunda. Dalam artikel ini di terapkan dua bahasa sunda yaitu bahasa sunda lemes dan bahasa sunda loma atau bahasa sunda yang di gunakan saat beraktifitas sehari-hari. contoh-contoh berikut merupakan artikel singkat mengenai kebersihan lingkungan yang cukup lengkap. Kamu bisa pilih salah satunya sebagai contoh. Yuk simak! Contoh Artikel Bahasa Sunda Singkat Tentang Kebersihan Lingkungan Berikut ini adalah merupakan contoh artikel bahasa sunda singkat tentang kebersihan lingkungan, diantaranya yaitu 1. Pangaruh Kabersihan Lingkungan Kelas Kana Di Ajar Upami di tinggal salangkung mah sapertosnamah teu aya patalina antawis kabersihan lingkungan di kelas sareng sumanget diajar. Padahal mah, salereusna éta téh pakuat pakait pisan. Ayeuna cobi bayangkeun geura, raos mana urang calik di kelas anu bala atanapi kelas anu resik? Di kelas anu barala tara di sapuan, keubul pinuh dina luhur meja. Dindingna pinuh ku sayang lancah. Urang moal beutah ameng kitu deui ogé upami bade di ajar tinangtos jarijipen. Calik waé teu raos badé jongjon kumaha upami badé di ajar? Tétéla atuh gening kaayaan lingkungan sakola téh mangaruhan kana sumanget di ajar. Salaku siswa urang kedah sasarengan nyiptakeun lingkungan kelas anu beresih sareng merenah supados betah sareng sumanget diajar. Upami di ajarna sumanget, kana préstasina ogé tangtos bakal ningkat. Nah, éta téh mangrupa kasempetan kanggo ngahontal cita-cita langkung ageung margi urangna berprestasi. 2. Kabersihan Lingkungan Sakola Tanggung Waler Sararea Ari anu ngagaduhan tanggung waler ngajagi kabersihan lingkungan sakola téh saha? Nyaéta urang sadayana salaku warga sakola. Urang sadayana kedah ngagaduhan kasadaran pikeun kabersihan lingkungan sakola. Kabersihan lingkungan sakola téh kedah di jaga. Ulah ngan saukur mun di piwarang wungkul ku guru. Margi kaayaan lingkungan anu beresih tangtos ngahindarkeun tina mengrupi-rupi panyawat. Janten, kabersihan di lingkungan sakola teh wajib di jaga ku urang sadayana. Apan kebersihan teh sabagian tina iman. Ku ayana lingkungan anu beresih tangtos tiasa ngabantu urang sadayan kahindar tina sagala panyawat. Atos sueur pisan sagala macem panyawat anu di sababkeun ku teu apikna ngajagi lingkungan. Kalakuan anu sakirana ngaruksan atanapi ngotoran lingkungan kedah urang carék. Sabab, mun teu ku urang ku saha deui? Margi ieu lingkungan sakolah téh lingkungan anu tanggung waler urang saréréa. 3. Jumsih Ngajagi Kabersihan Lingkungan Ti saprak di ayakeun kagiatan jumsih Jumaah beberesih. Kaayaan lingkungan di lembur kuring ayeuna jadi bereusih matak pikabetaheun. Jalan-jalan lalebing, heuleut sapuluh métér ngajajar wadah runtah anu di pulas ku cét konéng. Jukut anu ngabalaan geus séép di koréd. Kakayon anu ngaroyom geus di bukbak. Kalakay anu unggal sore aya wae geus di sapuan beresih leuning ku barudak unggal sore sapulang ti masigit. Méméh asup ka jero lembur aya gapura anu di tulisan “Wilujeng Sumping di Kampung Resik”. Pakarangan warga dipalageur ku awi anu di cét warna warni matak endah katenjona. Di satukangeun pageur aya pot keumbang ngajalalajar anu di pelakan sabangsaning tomat, saledri jeung bawang daun. Di juru pager ogé katempo aya dua wadah runtah anu cét koneng jeung cét biru. Anu cét konéng jang runtah organik anu cét biru jang wadah runtah anorganik. Sok sanajan buruana masih keneh ku taneh. Tapi bararesih teu katembong runtah hiji-hiji acan. Pancuran cur cor, caina hérang ngagengclang. Lauk emas beureum di balong patinggareboy, jaér pating sérépét, nilem anteng ngagereyeum. Sakalieun aya semah tinu jauh moal euweuh sodorkeuneun. Da puguh sagala nyampak di buruan. Wargana hirup rukun sauyunan jauh tina pacéngkadan. Ceuk paribasa téa mah kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, tara pagiri-giri calik pagirang-girang tampian. Subur makmur loh jinawi, tata tengtrem kerta raharja téh lain ukur carita. Di leumbur Desa Resik mah éta téh nyata. 4. Kurang Ngajaga Lingkungan Panyakit anu datangna tina jentik reungit téh di sababkeun kurang résikna ngajaga lingkungan pikeun beberesih. Solokan anu kotor, cai loba anu nguyumbang di buruan. Éta téh mangrupa salah sahiji sabab pangakit datang. Reungit resepeun pisan ka tempat anu loba ngaguntang-gantung baju seuseuhan, sampah anu teu di turuban jeung cai anu teu di turuban. 2 minggu ka tukang si Asep budakna ceu Milah di bawa ka Rumah Sakit. Ku sabab cenah panas teu turun-turun. Ceuk bejana ceunah si Asep téh ka kenaan ku DBD Demam Berdarah. Saminggu lilana si Asep di rawat di Rumah Sakit. Ceuk dokter ieu panyakit teh di sababkeun ku sato leutik anu sok nyeudot geutih anu nagndung jaram panyakit. Anu ngajadikeun jelema hareeung jeung lalungse. Ku sabab kitu penting pisan urang saréréa ngajaga kabersihan utamina beberesih ngajaga ameh euweuh rengit di imah. Ku cara anu tos di jelaskeun tadi di luhur. 5. Kabersihan Lingkungan Sakola Kabersihan di Lingkungan Sakola téh kudu di jaga ku sakumna warga sakola. Anu kudu tanggung jawab kana kebersihan sakola téh lain bujang sakola waé, tapi murid-murid ogé kudu milu ngajagana. Dina pada ngedulna teu daék bébéresih na ogé kudu milu ngajagana ku cara ulah miceun rumtah kamana waé. Ku akal gé tangtu kaharti pisan, rék aya runtah ti mana lamun euweuh nu ngabala? Kajaba runtah alam kawas kalakay atawa jukut. Lingkungan sakola anu beresih jeung rapih téh bisa mawa betah kana di ajar jeung jauh tina pipanyakiteun. Ngajaga lingkungan sakola anu sakitu legana bisa ku sorangan, tapi kudu gotong royong saréréa. Urang perlu silih ingeutan supaya runtah urut jajan teu di piceun kamana lungna.
EKvexVh. 351 99 428 137 465 482 201 125 103